Ticker

20/recent/ticker-posts

Advertisement

PIDATO SUNDA "ILMU SARENG AKHLAK

Daftar Isi [Tampil]

 


ELMU SARENG AKHLAK

السلام عليكم ورحمةالله وبركاته 

بسم الله ماشاءالله لايسوق الخيرالاالله, بسم الله ماشاءالله لايصرف السوءالاالله, بسم الله ماشاالله ومامنكم من نعمةفمن الله, بسم الله ماشاالله ولاحول ولاقوةالابالله العلىالعظيم.الحمدلله وشكرلله علىنعم الله, والصلاة والسلام علىرسول الله وعلىاله واصحابه ومن واله, اما بعد: 

Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka hadirot Allah robbun ghofur, anu kalayan kudrot tur irodatna urang sadaya tiasa riung mungpulung dina ieu tempat anu mulya mungguh Allah subhanahu wa ta’ala. Sholawat salam salawasna mugia ngocor ngagolontor ka junjunan alam nabi Muhammad SAW, sohabatna, dugi ka urang sadaya, amin.

Hadirin rohimakumullah! 

Tos janten kabiasaan, jalma ngajantenkeun awal tina tahun anu anyar teh janten momentum kanggo sagala rupi hal anu di nilai sae. Upami umur tos jangkep tepung tahun, jalma biasana sok ngayakeun anu di sebat ulang tahun, tahun baru boh etamah tahun baru masehi atanapi hijriyyah jalma abring-abringan dimana-mana dina raranga ngarayakeun tahun baru. 

Dina raraga mayunan tahun baru hijriyyah 1428 urang sasarengan ningali kana hiji sya’ir dina kitab ta’lim muta’alim anu uggelelna
فساد كبيرعالم متهتك # واكبرمنه جاهل متنس
“Bakal nimbulkeun karusakan anu kalintang ageungna, uapami aya jalma berilmu anu teu merdulikeun kana aturan Allah. Jeuung langkung ageung karusakan anu terjadi dimana aya jalma bodo anu tukang ibadah”. 

Kumaha maksadna eta teh? Hartosna ku elmu wungkul heunteu cekap dina kahirupan. Aya deui anu sami pentingna nyaeta akhlak anu sae. Kasauran para ulama “salamet sareng henteu salametna jalma teh tergantung kana akhlakna” upami akhlakna sae maka bakal salamet, upami akhlakna awon maka bakal cilaka. Sanaos seueur elmuna upmi teu ngagaduhan akhlak anu sae maka eta jalma moal tiasa ngamalkeun kana elmuna kalayan sampurna. Kumargi hakekatna elmu mah nuduhkeun kana perjalanan anu leres, anu sesuai sareng setandar kebenaran anu bakal nyalametkeun. Sementara ari akhlak anu awon mah hakekatna di timbulkeun tina ku dorongan-dorongan hawa nafsu sareng pangajak syaithon anu salawasna ngajak kana hal-hal anu papalingpang sareng setandar kebenaran anu bakal mawa kana kasalametan.

Hadirin anu marulya!

Janten dua hal anu pokok dina kahirupan dimana jalma hoyong salamet, pertama nyaeta elmu , kanggo masihan pituduh kana jalan anu kedah di cukcruk ku jalma dina kahirupanana. Anu kadua nyaeta akhlak anu sae nyaeta padamelan-padamelan anu salawasna mengikuti kana pituduh elmu Allah subhanahu wa ta’ala. 

Dina AL-Qur’an Allah subhanahu wa ta’ala ngadugikeun:
ظهرالفسادفىالبروالبحربماكسبت ايدىالناس

Hartosna:Tos jelas karusakan-karusakan anu terjadi di darat oge di laut teh ku sabab padamelan leungeun manusa.

Upami ku urang sadaya di talungtik saleresna hampir sadaya karusakan anu terjadi ahir-ahir ieu sanes padamelan jalmi-jalmi anu teu gaduh elmu. Kasus banjir dimana-mana, kahuruan, lini, tsunami,eta sadaya akibat padamelan jalmi-jalmi anu heunteu bertanggungjawab. Banjir di hampir sakabeh Djakarta eta tina sabab padamelan manusa nyalira. Penebangan hutan, penbuatan jalan raya, pengeboran gas alam, pembangunan bangunan-bangunan pencakar langit anu henteu merhatikeun kana keseimbangan alam eta sadaya bakal nimbulkeun karusakan-karusakan di mana-mana. 

Kasaura Allah subhanahu wa ta’ala:
يرفع الله الد ين امنوامنكم والد ين اوتواالعلم درجات 
Hartosna: Allah bakal ngangkat darajat jalma-jalma anu iman sareng di pasihan elmu kalawan pirang-pirang tingkatan.

Dina eta ayat Allah jelas ngangkat jalma-jalma anu ngagaduhan iman sareng elmu. Diantara kaimanan teh nyaeta akhlak anu sae. 

Hadirin anu marulya! 

Urang sasarengan jantenkeun tahun baru 1428 hijriyyah ieu teh sebagai momentum, sebagai awwal kanggo ningkatkeun harkat martabat urang sadayana dina pandangan Allah subhanahu wa ta’ala, ku jalan ngeusian diri urang sadaya kalayan elmu anu matak manfaat dunya rawuh aherat sareng mapaesan diri urang sadaya kalayan akhlak hasanah. 

Mudah-mudahan pertemuan singkat urang sadaya dina ieu tempat sing kenging karidloan Allah subhanahu wa ta’ala, amin ya robbal ‘alamin.

والله الموفق الىاقوم الطريق 
والسلام عليكم ورحمةالله وبركاته 

 

Posting Komentar

0 Komentar